Minggu, 06 Maret 2011

Babaturan saterusna

kahayangna mah jiga nu laina
neangan kanikmatan di dunya impian
sugan pareng aya manehna norojol datang mawa kopi
rokok bari sakalian pang nyibeungeutankeun, nyusutan godin nu nambleg
jeung pangnyusutkeun cileuh nu ngajedig naker dina hate...!!!!

duh jungjunan
anjeung anteng keneh jeung lilir anjeun
baturan kuring pangmeakeun roko nu geus tinggal kuntungna
panguyupkeun kopi nu geus dedekna
pangbanyurkeun tikoro kuring
nu garing lantaran nyeuseup sono ka anjeun

jungjunan
peuting teh asa beuki ngurangan
bulan geus di harudung sarung nundutan
geus kukulintingan neangan pasarean ka lebah kaler
bentang ge teuing kamarana
boa cape meureun marengan kuring sapeupeuting
ngan maturan kuring bari ngadongengkeun anjeun

jungjunan
ayeuna kuring sorangan
Adzan geus ngageroan
baturan kuring, Anjeun-Na tos ngantosan
cinta urang duaan...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar